Halaman

Sabtu, 17 Maret 2012

Sajak Sunda Tandang

                                                                                           yasana: Yayat Hendayana

Geura tabeuh goong maneh jalu
Ngadu handaru jeung sora goong nu lian
Malar batur nyarahoeun
Hidep teh geuning teu pireu

Lain mangsana
Urang ngadedempes hees
Dina wanci kudu nyaring
Lain wayah urang leah
Balap mandeurikeun maneh
Majar teh da lain eleh

Tong katalikung ku tukang
Mangsa di cancang ku tambang
Beunang ngarara sorangan
Hese incah hese lengkah
Di cangreud ku sarwa ulah
Akon-akon adi luhung

Geura tabeuh goong maneh, jalu
Geus mejehna nepak dada
Baheula di carek soteh
Keur jaman silih eledan
Ayeuna mangsana tandang
Nu cicing wayahna nyisi

PUAH!
Geura teuneung geura ludeung
Geura nyora sing pertentang
Anjeun mah lain bagejid , jalu
Tapi jangkrik siap tarung,
PRUNG!